Thursday, September 2, 2021

Alhamdulillah| pembahasan

alhamdulillah
Dina kasempetan anu ieu insyaAlloh masih nerasken hanca kitab
nami kitabna jauhar tauhid
dina waktos kapungkur parantos nerangken lafad bismillah na wungkul, upami diterasken hancana berarti kantun
sateacan kana ie, masih keneh dina ngabahas bismillahirrohmanirrohim
hikmah aosan bismillahirrohmanirrohim, atawa faidah aosan bismillahirrohmanirrohim
syifaun min kulli daa in
ubar tina saban2 panyakit
 lamun sateacan ngaos quran atawa sabada ngaos quran urang ngaos ken doa, dina doa eta disaurken yen quran teh به نشتفي من كل داء
bisa dijadiken obat saban2 panyakit, ari qolbu alquran aya dina fatihah , ari intina fatihah aya dina bissmillah
dina hiji waktu, kaisar romawi kasorang nyeri sirah, migren meren mun cek ayenamah, nyeri sirah we pagawean na teh sehingga t tiasa sare,
ny wawartos ka sayidina Ummar, ku sayyidina ummar dipasihan kopeah, sa prak na di anggo eta kopeah , eta si kaisar romawi teh te pernah dei nyeri hulu, panasaran tah eta kaisar romawi, terus di buka eta kopeahna teh, ternyata di sajeroen kopeahna teh aya tulisan bismillahirrohmanirrohim. tah eta di antawisna faidah aosan bismillah.
matak tong aneh nya lamun ulama bahela bahela cenah maca bismillah bisa ngapung. tong aneh , mungkin wae eta terjadi. ngan pedah Alloh mah selalu menciptakan  ekosistem peradaban anu seimbang, lamun aya ulama sakti, pasti loba dukun dukun anu sakti, bener eta teh, dukun dukun bahela mah sarakti, sabab jin kukutan nana bisa naek ka langit ka 7 bisa no ong ka lauhil mahfudz, bisa nguping harewos2 na ahli langit,
pangna ramalan dukun bahela mah sok loba nu meneran jarang nu meleset.
dina perkawis ieu , ku urang tiasa di tingaliandina surah al Hijr ayat 16 -19, al jinn ayat 8.
sabada lahir nabi isa, dibatas ngan saukur bisa naek ka langit ka 3 hungkul,
lahir we nabi muhammad, dibatas dei nepika langit ka hiji wungkul,
komo sabada peristiwa isro miraj mah ges moal aya nu bisa nembus langit ka jiji2 acan,
jadi  dukun zaman ayena mah ges moal aya sakti, lamun aya nu ngaku bisa ngagandaken duit, jelema gedebul hungkul, maenya bisa ngagandaken duit ari imah na sorangan masih keneh make bilik butut.
aya caritana dina kisah isroiliyah, nenek moyang orang israel tah
ari isroiliyah teh, carita2 anu aya dijaman kanjeng rosul ,kakuping ku rosul tapi rosul hente ngalarang, hente nyalahken, itu namina kisah isroiliyah.
di zaman kapungkur aya hiji istri gelis waahh.. bohay samohay, bakokok  bagodod bahenol nerkom,
irung uwung uwungan, tarang jamentrangan, soca lir mutiara,  lambey ngadaun bako, pipi ngadaun seureuh, gado endog sapotong, lamun senyum huntuna ngaborelak bagaikan mutiara, betis membulir padi, ngan hanjakalna eta awewe teh aneh,
naon anehna
lamun manehna ges nikah, kawin, salakina teh sok maot petingna teh, pokona isuk2 kawin, petingna th maot salakina teh , kan aneh.
lamun anu bujang kawin ka nini2, bujangna nu paeh eta mah te aneh, etamah karacunan susu kadaluarsa ges puguh, kitu nya
atawa aki aki kawin ka nini nini siga nu kamari di bekasi rame, dina berita naon eta teh, hitam putih nyah eta teh?
lalaki umur 92 tahun kawin ka awewe umur 86 taun, asup kana muri, musium rekor indonesia, sebagai penganten tertua sa indonesia. bilih tea mah di palih die aya aki2 nu hyng nikah dei, sok t kedah isin2, tuh tingali batur mah 92 tahun kawin dei, ngan kawin na ka nini2 dei , ulah sok hayang ngudag2 osis aki2 mah,
 ngan hanjakal rumah tangga na hnt lila, ngan sapeting. isukna duanana ges jalengker. aki aki paeh nini nini paeh, panasaran meren dibawa ka rumah sakit, di autopsi, hasil autopsi sangat sangat mencengangkan, 
betapa tidak, ternyata si aki paeh karacunan susu basi, si nini paeh, infeksi eta mah,tertusuk benda tumpul.
tah eta mah te aneh da aki aki jg nini nini, 
ie mah biasa normal da, tapi lalakina sok maot bae, duka gs sabaraha lalaki, lamun kawin jg manehanana sok maot dei maot dei, randa randa namah tapi ranran hanhan kenken kitu ny, randa hanet keneh lah, bari randa bengsrat disebut nateh, segelna teh masih keneh nutuplah paling cecel saetik kitu. gres keneh sabenerna mah,
second rasa gress kitu
kawin maot kawin maot, sehingga tercatat ges aya22 kali kawin nateh,
mangkaning cenah ey lamun aya hiji lalaki jg ngucapken ijab qobul ka hiji awewe, dalam artian aqad nikah, eta arasy na Alloh bergetar. 
3 kali arasy Alloh bergetar:
1. nalika aya budak lahir
2.nakika aye sepasang lalaki istri ngucap aqad nikah
3. nalika aya anu dicabut nyawa , maot
pangnage ulah remen remen teing  kawin , ulah remen2 teing nyieun anak, ngajuru, karunya malaikat tukang nangey arasy, kermah berat hayoh di oyag oyag
tapi alus ketang loba anak teh , indungna jadi akrab jg paraji sabab remen ngalahirken, bapana akrab jg amil sabab remen ngawinken, tiap lebaran menang thr, ti amil jg ti paraji.
sehingga dina hiji waktu aya hiji lalaki anu soleh, sebutlah namina si asol,
kamari abdi uih ngiring ngamakamken ti astana, aya ibi ibi nu naros, hnt ngiring ka pakuburan ang?
ny ku abdi diwaler,
hnt, da abdi mah sanes si asol
eta si asol sumping ka eta awewe, 
saur si sol ka eta istri
wahai istri, abdi teh jauh jauh dijugjug anggang anggang diteang , sumping ka ie tempat manawi abdi teh hyg miharep ka salira
eta istri ngawaler
kang sanes abdi t hoyong ka akang, sanes abdi bade nampik pangasih ti akang, tapi kan akang oge uninga, setiap lalaki anu nikah jg abdi maka petingna teh sok langsung maot, naha akang siap.
kumaha cek si asol
wahai kekasihku, aku datang kesini dengan hati yg bulat, siga tahu digoreng dadakan, henteu persegi tilu hnt segi opat, boro boro mundurr , ngalieuk ge moal aing. pokona cinta akang ges bulat ka anjen , asal anjen nga iya ken, hayu urang akad, 
da ngaranna oge awewe, ningali kayakina ti eta lalaki, langsung we
muhun atuh akang siap
akhirna nikahlah pada hari selasa
ari malem rebo, ges siap siap eta lalaki teh, arek nyumponan kawajiban nu jd salaki ka pamajikan, arek di wikwik lamun cek barudak mah, begitu ges siap siap asup ka kamer, pamajikanna ges ibak, ges make bedak, ges nangkarak, sumangga akang, nyanggaken ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ditengah tengahna aya anu munu u tapi sanes bolu.
barang ku lalakina arek dirontok, da maklum ges di cita cita tibahela, diponto ponto tibareto.
tiba tiba di para imahna aya anu ngagurubug bari seuri ah ah ah
etah awak na jangkung badag jujul kana lalangit, pinuh ku bulu sa awak awak, wah ahah ah, sia wani wani arek ngawikwik pamajikan aing,
sing horeng eta teh jin, jin salaki ti eta awewe, matak dina sarah safinah oge gening aya gambaran , jelema kawin ka jin, tah ie contona.
te apalen sing horeng eta awewe teh gs bogaen salaki, ngan salakina teh jin
wahah ahah sia ku aing kudu dipodaran, sabab ges wani ngaruksak kahormatan pamajikan aing, arik di cekek, tapi hadena eta si asol pinter berdiplomasi,
cek si asol lamun enya anjen salaki ti ieu awewe, anjen meren boga rasa nyaah,
ny heueh atuuuh
amun anjen boga rasa nyaah sing karunya kana psikologis ie awewe, dimata jelema mah ie awewe teu bogaen salaki, naha anjen rido ie awewe diharina ku batur, ges kolot bari maraot wae jelemana nu kawin ka ie awewe,
maksud anjen kumaha?
ges we kie atuh jin
ayena mah lah urang ku duaan, anjen salakina kuring oge salakina, anjen salaki di kalangan jin, kaula salaki di kalangan manusa,
di fikir meren ku eta jin teh,
akhirna manehanana mengambil kasimpulan, ny heeh atuh , ny nges we ari kitumah,
nges we atuh 3 poe ewang
embung aingmah embung 3 po3 ewang
maneh 2 poe ain9 sesana, cek si jin
maneh wayahna poe salasa jg sabtu, diluar eta bgean aing
nya meren daripada hente, eta  ck si asol oke lah
akhirna kitu, melem salasa jg sabtu kakara bisa sare bareng, diluar eta ku si om jin dikekepan, tetapi karena sering panggih, maka terjalin persahabatan antara si lalaki jg jin, ongkoh maru tapi jd akrab ktu, sok ulin eta si asol jg jin kaditu kadie, kamana we hayangna, hiji waktu eta si jin ngajak ka si asol, sol ulin yu
kamana
urang naek ka ditu yu ka langit ka 7,
hayu
heeh so naek
di ganong tah ku si jin
ngengggg netpi ka langit ka 7
ari begitu ka langit ka 7 kasampak kolam ker ngagetret dina lauhil mahfud , nu ditulisna lafad bismillahirrohmanirrohim
eta jin tiba tiba ngadayagdag awakna panas tuluy ngagubrag labuh ti langit ka 7 dugika bumi, bari ampun2an, 

tapi da henteu ari luka2 mah da ewah rumah sakit jin nya.
ngan ayena si asol apalen, oohh kalemahan ie jin teh adalah bismillahirrohmanirrohim,
malam isiukna malam jumaah, si asol datang ka eta awewe, cek si awewe, kang kapn ayena mah sanes bagean akang, bagean akang mah enjing, 
lah tenang we ayena mah gs apal jurusna, barang eta si jin gurubaag, cek si asol
bismillahirrohmanirrohim
lari eta si jin terbirit2 sieuneun.
ti harita eta si asoljadi salaki anu sah hiji2na, bahkan menurut sapalih riwayat ti eta pasangan lahir jalmi2 anu saroleh & para wali.
itu diantawisna faidah tina aosan bismillah
sabada musoniff ngamimitian kitabna ku lafad bismillah, satuluyna musonnif ngamimitian ie kitabna ku lafad alhamdulillah. nu kantos dicariosken hadisna
qullu amrin dibalin layubda'u bil hamdallah
alhamdu ari sadayana puji
ie alif lam lil istigroqil jinsi
qullu fardin2 min afrodil hamdi lillah
sakabeh afrod tina sa antero afrod puji anu 4 sadayana milik Alloh
matak te pantes aya jelema hayang dipuji da gening sadayana puji wungkul milik Alloh
puji teh ngabogaan 5 rukun
rukun puji
1 haamid, anu muji
2.mahmud, anu dipuji
3.mahmud bih, perkara anu dipake pamuji
4.mahmud aleh, sabab ayana pujian
5.segat
conto, conto... conto
urang dibere sehat, ketika nu sejen ker waswas, sieun positif covid 19, urang dibere sehat, kemudian urang ngucapken ka Alloh alhamdulillah robbil alamin misalken, maka
hamid, urang
mahmud, Alloh
mahmud bih, robbil alamin
mahmud alaihna, urang dibebasken tina corona
sigot, lapad Alhamdulillahi robbil alamin
ala silatihi
muji ka Alloh netepan kana sakabeh pamaparin ti Alloh
ie pujian teh make kayid, maka hukumna wajib. sabab muji teh hukumna kabagi 2
1.lamun muji ka Alloh kalawan mutlak, teu disandarken kana nimat nu dibiken ku Alloh, muji be ie mah 
almamdulillahi robbil alamin, hukumna sunat
2. ngan lamun disandarken kana nugraha nu dibiken ku Alloh, maka mang muji teh hukumna wajib.
nah didie musonnip make qayid
alhamdulillahi ala silatihi
meh naon?
tujuan na supaya ngahontal kana pangkat wajib,
naon sababna?
sabab ganjaran wajib lewih gede tibatan ganjaran sunnat, numawi nganggo kayid,
alhamdulillahi ala silatihi, hnt alhamdulillah wungkul.
nah ie teh pinterna nu ngarang kitab ktu nya.
naon ari ngaran puji?
ari ngaran puji teh
          حمد cek istilah: فعل ينبع عن تعديم المنعم من حيث كونه منعماعلى الحامد او غيره
hiji pagawean anu timbul tina ngagungken ka jalma nu mere nimat atawa dzat nu mere nimat tina sakira kira mere nimat .
mere nimat na mah rek ka anu muji atawa lain
miji na bersipat umum
rek ku omongan "alhamdulillah'
rek ku patekadan , nekadken ku hate bahwa weh dei nu bisa ngabebasken urang tina covid kajaba Alloh.
atawa amal bil arkan, eta oge  ka asup. mana diantarana? make masker, cuci tangan make handsanitizer, itu bisa mangrupa bentuk syukuran, ngan syukuran na ku bentuk pagawean, naon sababna?
pan cek Alloh
ولاتلقو بايديكم الى
ulah nibaken diri maneh kana karuksakan, cek Alloh cicing di imah, ck RT cicing di imah,cek pamarentah cicing ulah kamana2.
pangna ngenah manusa jaman ayena mah, ku cicing di imah g gs bisa jd pahlawan, tah eta ngaran hamdu .
aya puji aya syukur, naon bedana?
 syukur cek lugot adalah puji cek istilah,
sementara syukur cek istilah adalah,
صرف العبد جميعما عنعم اللهعليه به مما خلق لاجله
nasorupken na hiji hamba kana nimat nu dibiken ku Alloh sesuai jg kakuduan.
dibere cepil normal di dengeken kana elmu, syukur eta th ,dibere cangkem normal dibacaken kana quran, syukur, dibere soca waras ditempoken kana kitab, syukur,
pangna kolot bahela mah lamun ker nyaba ka anu boga orok teh sok di gebragan, di rerewas, tp samemeh direrewas teh sok di mandian hela, bari dirampaan palebah panon na
mata mata ulah sa dele delena
dirampa celina
celi celi ulah sadenge2na
dirampa sukuna
suku suku ulah sa lengkah2na
ker naon eta bu?
ker ngajarken syukuran. ka saha? ka orok? lain, boro boro ngartien orok mah ngadenge na oge duka , tp ker mapatahan indung bapana.
naha te langsung
bisi molototan, bisi nembalan
hayoh we mapatahan batur, tuh tempo anak sia
sigana
jadi atuh mana syukur mah lebih luas tibatan puji
ولتكبراللهعلى ما هدى كم
ngagungken ka Alloh anu parantos masihan pituduh ka urang.
على صلته
nina nugraha ti Alloh,
loba nugraha ti alloh teh, pamaparin ti Alloh teh waah mang pirang2.
وان تعدو نعمت الله لا تهسوها
 
dina ayat anu sanes
lamun launtan dijadiken mangsi, tatangkalan dijadiken pena, dipake nulisken sakabeh nimat ti Alloh, maka tatangkalan bakal beak, lautan bakal saat samemeh sakabeh nugraha ti Alloh kabeh kaabsen,.
gular gilirna panon, padahal canpernah urang nga olian panon, tapi teu pernah seuseut, culi,
teu lembek teu heuras, tulang rawan disebutna teh, coba lamun heuras meren lamun sare teh bantal oge dararobol ka kait ku ceuli, irung ku Alloh ditunda na didieu, coba lamun ditunda di deukeut bujur, meren mun tiap miceun th kudu nutupan irung.

nimat ti Alloh, silah ti Alloh , pamaparin ti Alloh,
ثم سلام لله
salam ti Alloh, rohmat ti Alloh
على نبى
 ttp ka nabi
munggu jumhur ulama
solat mun ti Alloh di manaan rohmat
mun ti malaikat istighfar
mun salianti Alloh jg malaikat , rk ti manusa , rk tatangkalan, sasatoan dimanaan nana تضرع depe2.
على نبي
muga ttp ka nu jadi nabi, naon ari nabi?
hiji manusa, jd moal aya nabi kaluaran ti salianti manusa, malaikat t sah jd nabi,sasatoan te sah jd nabi
lalaki
atuh awewe te sah jd nabi, sa soleh2na Hafsohh binti sirrin t sah jd nabi, sa solehah2na istri firaun t sah jd nabi.
حرmerdeka
من بني ادم
سليم عن منفر
salamet tina anu matak ngaburken secara tabiat,
tah ieu yeuh awas!!
nabi th kudu salamet tina anu matak ngaburken,
atuh salah, riwayat anu nyaritakenn nabi Ayub, borok sa awak2, loba bilatungan, lamun rek mandi bilatungna di uculan, lamun beres mandi bilatungna di terap2ken dei, tah eta bohong. sabab hente سليم عن منفر
atuh jelema teh bakal kabur, maenya aya nabi budug.
atawa anu ngariwayatken nabi musa burut, itu teh bohong, kalakuan2 bani Isroil nuju nabi musa ibak di walungan, di carandak lancingan nana, da pajarken nabi musa burut, eta sami bohong, sabab hnt سليم عن منفر
atawa dei nabi yakub lolong cnah, eta oge bohong . tapi anu aya di nabi yakub adalahغشاوه    akibat  كشرة الدموع  
اوهي الىه بالشرء وان لم يعمر بتبلغه
lamun diparentah nepiken nana disebut na Rosul.
atuh nisbat/perbedaan na nabi jg rosul adalah
umum husus min itlaq
sakabeh Rosul eta nabi, ngan hnt sakabeh nabi eta Rosul. da aya nabi nu lain rosul, matak jumlah nabi lewih loba tibatan Rosul.
jumlah nabi 24000 sementara rosul hanya 313, dina kitab qotrul Goisy.
umum khusus min itlaq
كل جوج مدور   
sakabeh buah pala eta buled, ngan te sakur2 nu buled eta buah pala, da aya anu buled tp lain buah pala, buah jeruk buled, buah apel buled , buah anggur buled, buah dada buled, hente cenah nu euceu mah teu buled.
atuh nawar we saeutikmahahh
ny kitu 
komo anu nini2 mah, bisa berubah2 bentuk eta mah, dibawa ngadapang kacepet, dibawa nangkarak siga goreng endog, di sasar ku aki2 da melem jumaah welwh teu kapanggih, sihoreng teh nyelap dina kelek.
allohuakbar
hiburan ath saeutik mah
l anu ttp ieu salam teh ka nabi.
جاء بالتوحيد
nabi di utus dina yuswa 40 thn , ka saha diutusna ? ka tsaqolaen, tgs na jin jeng manusa, pangna disebut tsaqolaen sabab beurat eta teh,
aya nu namina sakola , tah beurat sakola th, bisi teu percaya cobaan we gotong.
naon sabab na pangna manusa jg jin didebut tsaqolaen?
wajah tasmiyyahna
لان هما اثقل الارض
sabab jin jeung manusa teh anu ngabeungbeuratan alam dunya, matak disebut na tsaqolaen.
cek qoul nu sanes
ود لثقلهمابالذنوب
karna jin jg manusa teh berat ku dosa.
tah nu kitu namina wajah tasmiyah.
kunaon dingaranan neng, pedah koneng kulitna, kunaon dingaranan asep , pedah kasep.
wajah tasmiyah
kunaon dingaranan kabah, sabab muncugug,saperti
mumuncangan mumuncangan.
kunaon dingaranan masjid al aqso, sabab jauh. eta wajah tasmiyah
siga lalaki dingaranan arrojul, 
الرجول يسم بالرجال
لانه يهب الرجلا 

sabab karesepna lelempangan, mobilitasna tinggi،pangna lamun aya lalaki ngajedog, euweuh gadag eweh mobilitas, maka perlu dipertanyakan kelalakiannya.
sawangsulna awewe
المرءة تسما بالمرءة لانه تهب المرءة
pangna awewe dingarananan مرءة
sabab aewe mah sok resep ngca , rek kamana2 ngaca hela, sok arek ngaji ngaca, arek kondangan ngaca , arek hees ngaca, pangna lamun aya awewe t resep ngaca, maka perlu ditanyaken kewanitaannya.
saperti lalaki resep ngaca
lahir na kangjeng nabi teh ngadobrak kaayaan anu terjadi dina waktu harita dimana jalma dina kaayaan jahiliyah, bodo 
lain bodo dina masalah pembangunan, lain
laain bodo dina masalah perekonomian, lain, tapi bodo dina masalah aqidah, bodo dina masalah tauhid, maka kanjeng nabi sumping kalawan mawa tauhid.
naon ari tauhid?
tauhid ck lugot
.العلم بان شيءواحد
elmu nu nganyahoken bahwa perkara teh hiji.
ari ieu naon? curuk, sabaraha? hiji
tah eta tauhid ck lugot.
pangna sok aya jalma acung acungan siga kie, ieu teh lambang tauhid cnah,
tah eta teh tauhid na kakara ck lugot.
ari ck istilah nyaeta,
aya ck istilah syar an bima na fanil mudawan
به على اثبة العقاعدالدنية مكتسب من عدلتها اليقينية  علم يقتدربه
elmu anu anu ku eta elmu bisa netepken aqidah anu bangsa agama anu di kasab tina dalil kayakinan, 
aya dei la bimana fannil mudawwan.
افراد المعبود بالعبادة مع اعتقاد وحداته ذاة وصفاة وافعال
ngawungkulken anu di ibadahan ku ibadahna sarta nekadken hijina oge ngabenerken hijina dina dzatna  sifatna, jg dina afalna.
وثمرته
buah tina ngaji elmu tauhid
naon mang pangna kudu ngaji elmu tauhid?
nyaeta
معرفة الله بالبراهين القتعية
والفوج بالشعادةالعباديه
aya dua tsamroh tina ngaji elmu tauhid
nganyahoken ka Alloh atw marifat ka Alloh kalawan dalil2 anu pasti, lain euceuk lain cenah
tapi berdasarken dalil , imma dalil aqli waimma dalil naqli, boh dalil  secara global, ijmali atawa dalil anu sifatna lebih terperinci, tafsili namina.
nu kadua
والفوج بالشعادخ
bakal menangken kabagjaaan di akhirat, kalawan kabagjaan anu abadi.
فضل
kautamaan elmu tauhid dibanding elmu2 nu sanesna,
انه اسرف العلوم
pang mulya2na di antara pirang2 elmu, eweh dei elmu anu pangmulyana kecuali elmu tauhid, naon sababna?
لانه متعلقا بذاته تعالى
sabab elmu tauhid mah bertalian langsung jg dzat Alloh jg rosulna Alloh.
sehingga pantes mylyana, jg pantes dimulyakennana.
nisbat ,percantelan,,
hubungan antara elmu tauhid jg elmu nu sejenna nyaeta ,
ari elmu tauhid nyaeta pokok tina sakabeh elmu, nu sejenna mah cabang,
wadi na nyaeta, anu mernahkenna, atawa imam besar anu kudu dituturken di bidang tauhid nyaeta, Abu hasanAl asyari, pengikutna sok di sebut golongan assyairoh, 2.Abu Mansur Al, maturidi,pengikutna sok disebut maturidiyah.
nami na
elmu tauhid, ilmu kalam,ilmu aqidah, elmu aqoidul iman, 
istimdad,
ie ilmu teh di cokot tina dalil aqli, jg dalil nnaqli, 
di cokot tina hasil buah pamikiran manusa, jg dalil tina ayat2 Alquran,
naon sabab na pangna dalil aqli hela, sababa fungsi dalil aqli bisa 2 jurusan, ka jalma kafir bisa make dalil aqli, piken jalma muslim oge bisa make dalil aqli, tapi lamun dalil naqli, khusus piken muslim wungkul, sabab jalma kafir mah moal percaya kana al quran na oge, komo kana anu didalilan nana, matak t sah ngadalil ka jalma kafir ku dalil alquran, sabab moal percayaen, beda jg make dalil aqli,
hukum ngaji
hukumna ngaji elmu tauhid adalah wajib ain,
fardu aen, ka sakabeh jalma mukalaf rek lalaki atawa awewe.
masalah nu dibahas dina elmu tauhid naon bae, saalit, ngan saukur aqoidul iman anu 50

Penyakit Hati yang Ada di setiap Manusia

 210901

*PENYAKIT HAMHAM*


Saur Kangjeng Rosul:
عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ قَالَ: كَانَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا قَضَى صَلَاتَهُ مَسَحَ جَبْهَتَهُ بِيَدِهِ الْيُمْنَى، ثُمَّ قَالَ: *«أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ الرَّحْمَنُ الرَّحِيمُ، اللَّهُمَّ أَذْهِبْ عَنِّي الْهَمَّ وَالْحَزَنَ»*

Hartosna; Kangjeng Rosul dimana beres sholat  ngusap raray ku panangan katuhu bari ngadu'a;  *"Abdi nyaksi yen teu aya deui pangeran anging Alloh anu maha asih tur maha heman, mugi Gusti ngaleungitkeun panyakit hamham sareng sedih"*

Panyakit hamham tegesna loba kabingung, eta panyakit anu sering keuna sakumna manusa, bingung pikahareupeun, bingung ku poe isuk nu can puguh datang.
Sababna eta jalma teu boga pedoman hirup, teu boga pituduh boh teu boga elmu atawa teu boga guru anu nuduhkeun.
Pasahal Al-Qur'an jg Al-Hadist katut kitab-kitab karangan para Ulama cukup pikeun cacaang jalan hirup, dibarengan ku tawekal, bari ikhlas ibadah ngalobakeun amal. Pasti bakal meunang kabagjaan dunya akherat.

Kitu deui panyakit hazan, sedih ku takdir nu geus kaliwat, eta ge ukur kahanjakal nu teu aya gunana. 
Sedih ku dagang rugi kamari, sedih ku nu nganyenyeri mangkukna, sedih di tinggalkeun indung bapa jg baraya sabulan katukang.
Eta kasedih teu aya gunana, cukup ku ngadu'a kanggo nu tos teu araya, singkil deui kasab jang isuk, ayeuna mah kudu loba amal ibadah tur tawekal. Titik.

(Ditulis ku H. Asep M Thohir)
Nafaa'nalloh 🤲🤲🤲

Saturday, August 25, 2018

Cara mendapatkan TokoCash Rp 200 ribu tiap hari dark Tokopedia


PCaranya sederhana banget










 

Monday, May 7, 2018

Ini Dia!! 5 Film dari Marvel yang Harus Ditonton Sebelum Anda Menonton The Avenger Infinity War


Cara menghasilkan Uang Dari Google Maps | Jadi Guide Location

 Sekarang kamu bisa mendapat imbalan dari google lewat kontribusi anda sebagai guide location di google maps.

Garena Free Fire

Garena free fire adalah games terbaru dari garena, cara main nya mudah dan simpel, dan yang pasti seru seru banget.

Kamu harus bertahan dalam waktu beberapa menit dalam game saling menembak satu sama lain. Dan kamu harus jadi orang terakhir yang masih hidup.