Thursday, September 2, 2021

Penyakit Hati yang Ada di setiap Manusia

 210901

*PENYAKIT HAMHAM*


Saur Kangjeng Rosul:
عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ قَالَ: كَانَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا قَضَى صَلَاتَهُ مَسَحَ جَبْهَتَهُ بِيَدِهِ الْيُمْنَى، ثُمَّ قَالَ: *«أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ الرَّحْمَنُ الرَّحِيمُ، اللَّهُمَّ أَذْهِبْ عَنِّي الْهَمَّ وَالْحَزَنَ»*

Hartosna; Kangjeng Rosul dimana beres sholat  ngusap raray ku panangan katuhu bari ngadu'a;  *"Abdi nyaksi yen teu aya deui pangeran anging Alloh anu maha asih tur maha heman, mugi Gusti ngaleungitkeun panyakit hamham sareng sedih"*

Panyakit hamham tegesna loba kabingung, eta panyakit anu sering keuna sakumna manusa, bingung pikahareupeun, bingung ku poe isuk nu can puguh datang.
Sababna eta jalma teu boga pedoman hirup, teu boga pituduh boh teu boga elmu atawa teu boga guru anu nuduhkeun.
Pasahal Al-Qur'an jg Al-Hadist katut kitab-kitab karangan para Ulama cukup pikeun cacaang jalan hirup, dibarengan ku tawekal, bari ikhlas ibadah ngalobakeun amal. Pasti bakal meunang kabagjaan dunya akherat.

Kitu deui panyakit hazan, sedih ku takdir nu geus kaliwat, eta ge ukur kahanjakal nu teu aya gunana. 
Sedih ku dagang rugi kamari, sedih ku nu nganyenyeri mangkukna, sedih di tinggalkeun indung bapa jg baraya sabulan katukang.
Eta kasedih teu aya gunana, cukup ku ngadu'a kanggo nu tos teu araya, singkil deui kasab jang isuk, ayeuna mah kudu loba amal ibadah tur tawekal. Titik.

(Ditulis ku H. Asep M Thohir)
Nafaa'nalloh 🤲🤲🤲

No comments:

Post a Comment